KEMBANG BEUREUM


Landong tiiseun

Udin geus ginding rék ka imah awewe nu diincerna,
méméh ka imah awewe nyimpang heula ka *tukang kembang.*

Udin : “ Mang…, kembang nu beureum hiji….”.
Tk Kembang : “ Rék apél Jang….? “.
Udin : “ Muhun Mang..”.
Tk Kembang : “ Hébat lah mani *romantis.*...

Udin : “ uing tea atuh…, gaul gitu loohh, éh…Mang hiji deui kembangna…”.
Tk Kembang : “ Keur saha deui Jang..? “.
Udin : keur *adina* Mang, sok delak delék waé,
jigana bogoheun oge ka abdi.”.
Tk Kembang : “ Mani *hawek* Jang…”.

Udin : “ Wah mang urang hanca wé duanana…. Eh…kétang hiji deui wé mang kembangna “.
Tk Kembang : Keur saha deui jang….??? “.
Udin : Keur *indungna* mang,
lumayan geulis kénéh katingalina mah,
mun abdi kadinya sok melong waé,
sigana sarua bogoheun ka abdi..”.

Tk Kembang : "Beu budak ngora ayeuna ku *nurustunjung “. ( Jero hatena*)

Nepi ka imah kabogohna,
Udin geus didagoan ku kabogohna,
adina jeung Indungna rék diajak dahar bareng,
ngan méméh dahar ngadagoan heula bapana can balik gawe..

Teu lila torojol *Bapana* datang,
Udin. langsung tungkul mingpin do’a...
meni khusu da hayang kapaké meureun.

Mani lila pisan ngado'ana, saréréa geus cangkeul,
Udin kalah beuki tungkul,
kabogohna kesel tuluy noél bari ngaharéwos..
“Teu nyangka geuning Aa téh mani *religius* ngado’a mani lami…”.

Udin bari uluhuut kesang masih kénéh tungkul teu kuat bari *semu nahan ceurik*
nembalan bari ngaharéwos.
“ Aa gé teu nyangka gening bapa Néng téh *Tukang Kembang*".....
😅😅😅

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Lawrence E. Yoseph - Fl Whiple writes: "Really we owe a great debt to the Muslims.

HATI-HATI VIRUS BARU !!!!!!! "ZURTEX SUPANSIX"

Lawrence E. Yoseph - Fl Whipe schreibt: "Wir sind wirklich den Muslimen sehr schuldig.