KEMBANG BEUREUM
Landong tiiseun Udin geus ginding rék ka imah awewe nu diincerna, méméh ka imah awewe nyimpang heula ka *tukang kembang.* Udin : “ Mang…, kembang nu beureum hiji….”. Tk Kembang : “ Rék apél Jang….? “. Udin : “ Muhun Mang..”. Tk Kembang : “ Hébat lah mani *romantis.*... Udin : “ uing tea atuh…, gaul gitu loohh, éh…Mang hiji deui kembangna…”. Tk Kembang : “ Keur saha deui Jang..? “. Udin : keur *adina* Mang, sok delak delék waé, jigana bogoheun oge ka abdi.”. Tk Kembang : “ Mani *hawek* Jang…”. Udin : “ Wah mang urang hanca wé duanana…. Eh…kétang hiji deui wé mang kembangna “. Tk Kembang : Keur saha deui jang….??? “. Udin : Keur *indungna* mang, lumayan geulis kénéh katingalina mah, mun abdi kadinya sok melong waé, sigana sarua bogoheun ka abdi..”. Tk Kembang : "Beu budak ngora ayeuna ku *nurustunjung “. ( Jero hatena*) Nepi ka imah kabogohna, Udin geus didagoan ku kabogohna, adina jeung Indungna rék diajak dahar bareng, ngan méméh dahar ngadagoan heula ...